KUNJUNGAN TATANÈN PANGAJARAN KA HOFLAND COFFEE
Dina tanggal 23 Februari 2023 , rombongan ti SMAN 1 KALIJATI ngayakeun tatanèn pangajaran ka HOFLAND COFFEE anu perenahna di Babakan jati Rt01/0,Cisalak,kabupaten.Subang,Jawa Barat 41283. Guru - guru hoyong para muridna bisa langsung naliti kumaha proses carana nyien bubuk kopi ti 0.
Hofland coffee nyeta salah sahiji tempat anu ngahasilkeun produk kopi unggulan di daerah subang. Bubuk kopi anu di hasilkeun di dieu nganggo 2 jenis kopi. Nyaeta, Robusta ejeung Arabica. Usaha ie didirikeun ku bapak Miftahul Shaf di taun 2016. Anjeunna tos Suksés ngaèkspor produk - produkna ka babaraha nagara.
Alesan naha tempat eta di aranan Hofland Coffee lantaran mangrupa wujud ajèn - inajèn bapak Miftah pikeun Mister Hoffland anu melak kopi di subang di jaman baheula. "dina budidaya kopi di Subang anjeunna henteu ngagunakeun kakerasan,malahan anjeunna ngajak masarakat pikeun gawé bareng, pikeun kamakmuran babarengan." Ceuk bapak Miftah ,salaku nu ngabogaan Hofland Coffe.
Dina poè eta kelompok abdi naliti kumaha proses pangolahan eta siki kopi teh, dipandu ku bapak Miftah langsung di gowa panyimpenan siki kopi anu atos di proses.
Sesi wawancara
Anjeunna mere nyaho proses proses pengolahan siki kopi anu atos di panen tina kebon kopi anu luasna 200 - 300
hektare, antarana nyaeta :
1.Timbang catet
Siki kopi anu atos di panen langsung di timbang pikeun di data meunang sababarahan pikeun di data.
2. Pemilahan
Siki kopi anu atos di catet teras kudu dipilihan anu alus eujeung anu burukna.
3.Rambang
Siki kopi anu atos dipilihan teras langsung di rambang make cai alus.
4. Mesekan kulit
Proses salajengna nyaeta mesekan kulit luar siki kopi. Teras kumbah pake cai nepi keset.
5.Poe siki kopi di jero green house nepi ka tingkat caina 1,2%.
6.Pesek gabah make huller nepi jadi green bean .
7.Siki kopi anu atos di pesekan langsung di pilihan deui pikeun misahkeun anu alus ejeung ano potong.
8. Simpen green bean pangaluna dina jero gudang.
9. Sangrai kopi green bean.
10. Tiiskeun siki kopi anu atos disangrai, antepkeun nepi 24 jam
11. Giling/haluskeun
Siki kopi anu atos di tiiskeun teras langsung di giling pake mesin pikeun jadi bubuk.
Pas kabeh proses rengse bubuk kopi anu geus jadi langsung di bungkusan pikeun di jual.
Foto - foto dokumentasi
Pakakas - pakakas anu dipake
. (meuni ageung 🤔)
(Alat timbangan)
Produk produk olahan
ARTIKEL IEU DISUSUN KU KELOMPOK 1 NU ANGGOTANA NYAETA :
- FEBY KANIA MAHARANI
- IRWAN MAULANA YUSUF
- LIDIA LUSMIATI
- NAFA DWINA RAHMAH
- NOVITA SYAWALIA
- RUSMIATI
- WILA SRI WIDAYANTI
- YULIANTI
- ZIDAN HIKMAL FAUZAN
Hatur nuhun >_<
Komentar
Posting Komentar